No student devices needed. Know more
20 questions
Hiji tulisan anu dijerona ngaguar ngeunaan tradisi Sunda kalayan jero tur mundel, nya éta…
Bahasan Tradisi Sunda
Bahasan Budaya Sunda
Bahasan Sastra Sunda
Bahasan Bahasa Sunda
Bahasan Nuansa Sunda
Istilah séjén nu biasa dipaké dina sasaruaan bahasan nya éta…
warta
dongéng
carpon
sajak
ésséy
Perhatikeun ieu léngkah-léngkah nulis bahasan tradisi Sunda!
(i) Ngamekarkeun rangka bahasan tradisi Sunda
(ii) Nangtukeun jejer jeung téma bahasan tradisi Sunda
(iii) Maca jeung ngaropéa bahasan tradisi Sunda
(iv) Néangan bahan keur mekarkeun rangka bahasan tradisi Sunda
(v) Nyieun rangka bahasan tradisi Sunda
Runtuyan nu bener dina nyieun bahasan tradisi Sunda nyaéta….
(ii), (v), (iv), (i), (iii)
(ii), (v), (i), (iii), (iv)
(ii), (iii), (v), (iv), (i)
(i) , (ii), (iii), (iv), (v)
(i) , (ii), (iii), (v), (iv)
Dina tradisi Sunda aya nu disebut pamali, kumaha maksudna?...
Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan ulah milampah nu dianggap salah
Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan dianggap bener
Pamali nya éta salah sahiji sisindiran nu aya di tatar Sunda
Pamali nya éta gaya basa nu aya dina basa Sunda
Pamali nya éta kabiasaan kolot Sunda jaman baheula
Dina adat istiadat Sunda, kolot sok nyarita ngeunaan panyaram laku lampah budak nu disebut pamali. Saupama aya budak nu cicing di lawang panto sok dicaram “ulah cicing dina lawang panto pamali! Bisi nongtot jodo.” Maksud sabenerna dina éta pamali nya éta…
Bisi hésé pendak jeung jodoh
Bisi ngahalangan jalan liliwatan
Bisi teu jadi kawin
Bisi bogoh ka dulur
Bisi rejeki teu bisa asup ka imah
Dina adat kawinan Sunda panganten osok disawér. Eusina nu disawérkeun nya éta konéng,béas,premén,duit récéh jst. Béas téh nglambangkeun ...
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana langgeng
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana miboga kasucian
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana kacukupan ku rezeki
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana teu paséa
Ngalambangkeun sangkan nu laki rabi teh lalintuh
Dina prosési adat kawinan Sunda, aya nu disebut meuleum harupat. Pangantén istri nyodorkeun lilin tuluy pangantén pameget meuleum harupat ku éta seuneu tina lilin. Sanggeus kitu harupat nu geus diduruk téh diasupkeun kana kendi nu eusina cai sarta éta kendi téh dicekel ku pangantén istri. Makna tina simbol adat ieu nya eta ...
Harupat nu dicekel ku pangantén pameget ngalambangkeun amarah, sedengkeun lilin anu dicekel ku pangantén istri ngalambangkeun ngagedurna émosi.
Dipiharep pangantén istri jeung pangantén pameget bisa nungtaskeun sagala rupa masalah rumahtangga babarengan. Istri nyekel kendi nu eusina cai ngalambangkeun yén istri kudu bisa niiskeun sakumna pasualan anu keur karandapan ku salaki.
Seuneu mangrupa lambang tina emosi négatif sedengkeun cai mangrupa lambang tina emosi positif, hartina istri kudu bisa terus méré hal positif ka salakina sanajan salaki ngalampahkeun hal négatif.
Seuneu téh éléhna ku cai, nya kitu deui salaki, éléhna pasti ku istri (pamajikan)
Dina adat kawinan Sunda aya nu disebut "Ngaras". Ngaras téh nya éta ...
Meresihan bulu kiang anu aya dina wajah calon pangantén istri.
Upacara nu dilaksanakeun ku calon pangantén, udaganana keur némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a keur kalancaran pernikahan. Disimbolkeun ku sungkem jeung ngumbah suku ibu rama.
Ngamparkeun tujuh sinjang pikeun titincakan atawa tilam dampal calon pangantén istri ti kamarna dugi ka tempat siraman,
Ibu Rama ngais pangantén istri ti kamarna dugi ka tempat siraman.
DIna prosési siraman, urang kudu nyadiakeun cai anu geus dicampur ku 7 rupa kembang atawa disebut ogé kembang sataman. Tina tujuh rupa kembang anu wajib téh diantara nya éta kembang ros, kananga jeung malati. Makna tina éta kekembangan téh nya éta ...
Kembang ros mangrupa simbol kajujuran ti calon pangantén
Kembang malati mangrupa simbol pamikat sangkan pangantén dipikaresep ku balaréa
Kananga mangrupa simbol tina harepan sangkan pangantén bisa méré katenangan tur katingtriman haté
Kabéh jawaban bener
Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu disunatan, lantaran wajib hukumna mungguh ceuk agama Islam. Istilah nyunatan atawa sok aya ogé nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat, anu hartina ...
lalaki
kokocop
turih
ngeureut
Ciri khas, kabiasaan, atawa cara hidup tur sagala rupa nu aya patalina jeung budi sarta akal jelema anu tamuwuh jeung dipiboga ku sakumpulan masarakat di hiji daerah disebut ....
Tradisi
Adat
Budaya
Suku Bangsa
karakter
Sanggeus bérés éta orok di teundeun dina palupuh tuluy ditenjrag nyaéta suku paraji téh digentakan tilu kali di luhur palupuh, mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah katuhu, kadilu di belah kénca. Lamun imahna lain panggung biasana lain di tenjrag tapi digebrag, carana numbuk-numbukeun alu kana pangrih lobana tilu kali. Najan béda tapi tujuana mah sarua sangkan éta orok téh teu jadi budak anu ...
Pohoan
Ludeungan
Reuwasan
Soméah
Wantéran
Sanggeus kitu éta ari-ari téh di talian ku bola tilu kali beungkeutan. Beungkeutan kahiji jarakna 2 ramo tina beuteung orok, beungkeutan kadua jarakna 2 ramo tina beungkeutan nu kahiji, beungkeutan katilu, 3 ramo tina beungkeutan nu kadua jeung sanggeus kitu maké landasan konéng temen jeung duit récéh di handapna, Duit anu dijadikeun landasan nyaéta duit ringgit atawa duit emas. Maksudna dipakékeun landasan koin emas teh nya éta ...
sangkan orok bujalna henteu tonjol ka hareup
sangkan éta orok ka hareupna bakal jadi budak gedé milik jeung séhat
sangkan orok henteu ceurik wae tipeuting
sangkan orok henteu bauan ka sasaha
Tuluy halis éta orok di balur ku sasihung ............., maksudna sangkan halisna alus melengkung lir bawang bodas. Dina bahamna ditendeun ......... atawa dibalur ku ..............., sangkan éta orok téh amis budi. Sanggeus kitu biwirna di balur ku ................ sangkan alus seurina, Tungtungna éta biwir orok téh dirapetkeun ku tapok jambé atawa cupat jambé maksudna sangkan biwirna teu jeubéw.
Tradisi ngarumat orok nu anyar brol téh saperti kitu. Anapon simbol simbol anu dipaké ku paraji anu merenah pikeun ngalengkepan cutatan di luhur nya éta:
bawang beureum - madu - gula - bawang bodas
bawang bodas - gula - madu - bawang beureum
bawang bebureum - tarasi - minyak - bawang bodas
bawang bodas - galéndo - minyak - bawang beureum
Di handap ieu anu m angrupa pantrangan pikeun istri anu keur kakandungan, iwal ...
teu meunang saré teu maké bantal sabab bisa nyusahkeun waktu ngalahirkeun
teu meunang ngadahar kulub endog sabab jaga anakna bisa-bisa bisul di sirah
eu meunang ngasaan angeun langsung dina sendok sabab bisa-bisa anakna goreng
teu meunang mandi unggal isuk sabab bisi orokna katirisan
Lian ti ayana pantrangan pikeun nu kakandungan (pihak awéwé), aya ogé pantrangan pikeun salakina di antarana ...
teu meunang dahar peuteuy
teu meunang mandi tengah peuting
teu meunang nguseup
teu meunang ngala deleg
Model iket anu dipaké ku Pak Joko Widodo téh nya éta ...
Julang Ngapak
Barangbang Semplak
Makuta Wangsa
Maung Leumpang
model iket anu sok dipake ku Ki Lengser nya eta ...
makuta wangsa
parekos jengkol
parekos nangka
julang ngapak
Anu ngabedakeun antara pakean adat wanoja sunda pikeun kasta sosial luhur, tengah handap teh nya eta tina bahan kaenna.
Pikeun wanoja kelas handap mah biasana sok make kaen buludru
Pikeun wanoja kelas handap mah biasa sok make kaen sutra
Pikeun wanoja kelas luhur mah biasana sok make kaen buludru
Pikeun wanoja kelas luhur mah biasa sok make kaen katun
Dina baju adat Sunda Lalaki katémbong aya jam tangan buleud anu maké rante emas, nu kitu téh ngaranna...
Bangsawan
Bénggol
Badéga
Bagedén
Explore all questions with a free account