40 questions
tarjamahan tina kalimah "saya merasa bangga menjadi siswa smansa" anu merenah, nyaéta...
Kuring ngarasa bangga jadi siswa smansa
Kuring ngarasa reueus jadi siswa smansa
kuring ngarasa sugema jadi Siswa smansa
kuring ngarasa ngeunah jadi siswa
Paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonésia, nyaéta...
Adam lali tapel
Wong becik ketitik wong ala ketara
waktu sarua jeung duit
Aya hurang handapeun batu
Kecap-kecap basa Sunda anu hésé ditarjamahkeun kana basa Indonésia, nyaéta kecap...
Pangantét
Paréntah
Panganteur
Panyambung
Lamun rék narjamahkeun, urang tangtu merlukeun kamus, nyaéta kamus...
Asing
Dwibasa
Istilah
Énsiklopédia
Paribasa Indonésia "Biar lambat asal selamat" hartina mirip jeung paribasa Sunda
Kajeun kendor asal ngagémbol
Kaduhung tara tiheula
Jauh-jauh panjang gagang
Ulah gancang pincang
Ieu di handap tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rék narjamahkeun, iwal...
Kamampuh gramatikal
Kamampuh semantik
Kamampuh sosiolinguistik
Kamampuh fonologi
Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab, nyaéta...
Iman
Takwa
Abdi
Ahlak
Ieu di handap nu teu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa inggris, nyaéta...
Carpon "Keteg Jajantung"
Carpon "Haji Murod"
Carpon "Ngulampreng"
Carpon "Pependeman Nabi Sulaeman"
Pangaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinéa, jeung ngalarapkeun éjahan disebut...
Kamampuh sosiolinguistik
Kamampuh gramatikal
Kamampuh semantik
Kamampuh pragmatik
Pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masarakat pamakéna disebut...
Kamampuh fonologi
Kamampuh gramatikal
Kamampuh sosiolinguistik
Kamampuh semantik
carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebut...
Carpon
Novél
Dongéng
Carita wayang
Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut...
Légenda
Sagé
Mite
Fabel
Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun disebut...
Mite
Parabel
Fabel
Sagé
Dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan disebut...
Parabel
Fabel
Légenda
Mite
Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah disebut...
Fabel
Sagé
Mite
Parabel
Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib disebut...
Sagé
Légenda
Mite
Fabel
Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap nu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta...
Téma
Galur
Purwakanti
Latar
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta...
Sumebarna sacara lisan
Teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim)
Ngagunakeun basa lancaran
Eusi caritana bener ayana
"Punten Miya, pangnyandakkeun buku basa Koréa dina tas!" nilik kana gunana, éta kalimah téh kaasup kana kalimah...
Paménta
Panyarék
Panitah
Pangjurung
Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah paréntah, iwal...
Cik
Cing
Punten
Wah
Kagiatan nu dilaksanakeun ku sakola,tapi diluareun kagiatan diajar nu formal,disebutna kagiatan.....
kurikuler
formal
ekstra kurikuler
informal
Laporan nu eusina ngeunaan kagiatan nu geus di laksanakeun disebut laporan.....
jurnalistik
kagiatan
keuangan
lalampahan
Ieu di handap nu teu kaasup kana rengrengan utama panitia calagara,nyaeta.....
pupuhu
Anggota
Girang serat
panata harta
wakil pupuhu
Laporan jurnalistik mah ilaharna di tulis ku.....
panalungtik
siswa
Guru
wartawan
penyiar
Runtuyan nulis laporan kagiatan nyaeta bubuka,eusi,panutup.
Nu kaasup kana eusi laporan nyaeta.....
kasang tukang kagiatan
jejer kagiatan
kacindekan
saran
Ieu dihandap nu kaasup kecap rajekan dwipurwa nyaeta.....
Tatajong
pipiti
kakaren
kakara
cacakan
Kecap rajekan dwireka nu dibarengan ku rarangken, nyaeta....
bubuahan
dialung - alungkeun
dibulak - balik
plak - plik - pluk
kadupak - dupak
Kalimah nu ngandung kecap rajekan dwimurni nyaeta....
Dar - der - dor sora bedil ti kajauhan.
Ahmad keur sasapu diburuan.
Barudak keur meresan buku - buku diperpustakaan.
Pasosore dina bulan puasa sok rea nu ngabuburit.
"Jatmika teh sababaraha kali jadi pinunjul kelas."
Dina kalimah diluhur aya kecap rajekan anu wandana....
dwimadya
dwimurni
dwipurwa
dwireka
trilingga
Kawih es lilin karangan ....
Mursih
Mang Koko
Dian
Godi Suwarna
Hendarso
és lilin mah, aduh kalapa muda
dibantun mah geuning ka Sukajadi
abdi isin, geuning, samar kaduga
sok sieun mah, aduh, henteu ...
Kecap nu cocog piekeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...
ngajadi
dunungan
paduduan
kamalinaan
dikalapaan
Munding dina kawih és lilin hartina ....
sapi
kambing
unta
kuda
kerbau
Kecap "ceuceu" dina kawih és lilin hartina
adi awéwé
lanceuk lalaki
lanceuk awéwé
adi lalaki
ua lalaki
Rumpaka kawih eusina pinuh ku ajén ....
moral
atikan
budaya
asmara
karuhun
Di handap ieu unsur-unsur nu aya dina kawih, kajaba ...
téma
rasa
nada
amanat
penokohan
Lagu nu kaasup kana kawih buhun nyéta ....
és lilin
Banjar Sinom
Jalan Layang
Kalangkang
Mojang Priangan
Rumpaka kawih teh saenyana mah sarua jeung sajak pedah sok dihaleuangkeun.
Ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur - unsur lahir rumpaka kawih nyaeta....
jejer
tipografi
gaya basa
purwakanti
imaji
Kawih,tembang jeung kakawihan tiluanana sarua sok dihaleuangkeun.conto kakawihan nu sok dihaleuangkeun dina kaulinan barudak nyaeta di handap ieu,iwal....
oray - orayan
perepet jengkol
paciwit ciwit lutung
cingciripit
papatong
kecap sipat anu hartina "paling", aya dina kalimah...
Dewi mah rajin ari Budi kedul.
Dedi hentru sarajin Maman.
Putri leuwih rajin tibatan Putra.
Sri jeung Dewi sarua rajinna.
Manehna teh pangrajinna dikelas x ipa.
"Hp Android leuwih mahal batan Hp GSM".
Kalimah di luhur kaasup wanda kecap sipat.....
ekuatif
komparatif
superlatif