10 questions
karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut...
pedaran
éséy
makalah
artikel
skripsi
anu ngabédakeun pedaran jeung artikel téh diantarana waé nyaéta...
wangun huruf atawa font nu digunakeun
aya henteuna daptar rujukan
eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah
alus gorengna basa nu digunakeun
panjang pondokna karangan
ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta...
alinéa bubuka
alinéa panandes
judul
alinéa panambah
alinéa pamungkas
ieu di handap mangrupa wanda artikel, iwal...
éksploratif
déskriptif
prédiktif
éksplanatif
naratif
dumasar cara ngébréhkeun eusina, alinéa atawa paragraf téh aya opat rupa, saperti ieu di handap, iwal...
alinéa narasi
alinéa arguméntasi
alinéa déskripsi
alinéa prédiksi
alinéa éksposisi
Titénan ieu katerangan di handap!
(1) Aya ngaran nu nulisna.
(2) Miboga gagasan nu aktual jeung kontrovérsial.
(3) Sipat tulisanana kudu naratif jeung subjéktif.
(4) Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
(5) Ditulis kalayan référéns ku visi nu inteléktual.
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah miboga ciri-ciri nyaéta ....
1 - 2 - 3
2 - 3 - 4
3 - 4 - 5
1 - 2 - 4
1 - 4 - 5
Titénan ieu cutatan artikel di handap!
(1) Dina naskah kuna téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita.
(2) Aksarana ngagunakeun aksara Sunda buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita, taun 1985.
(3) Prabu Siliwangi (disebat ogé Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah, Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga Maharaja) jumeneng rajana ti taun 1484- 1521 M.
(4) Aya naskah Sunda kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kandang Karesian.
(5) Ieu naskah Kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M.
(6) Sanajan kitu, éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing.
Runtuyan kalimah nu bener sangkan jadi hiji téks artikel nu merenah nyaéta ....
1 - 2 - 3 - 4 - 5 - 6
2 - 3 - 4 - 5 - 6 - 1
3 - 4 - 5 - 6 - 1 - 2
4 - 5 - 2 - 3 - 1 - 6
4 - 5 - 2 - 1 - 3 – 6
20. Jenis artikel anu leuwih jero analisisna, nu nulisna medar topik bahasan tina sababaraha disiplin élmu jeung boga pangaweruh anu jembar, nyaéta…
Opini
Esey
Kolom
Feature
Ieu di handap kaasup kana ciri-ciri artikel anu mernah nya eta
Eusi anu ditepikeun dina hiji artikel didasaran ku fakta nu nyata
Eusina kudu bisa mangaruhan ka nu maca antukna nu maca daek nuturkeun kana tulisan eta artikel
Sarana atawa wadah pikeun nepikeun hiji ide ka masarakat
Salah sahiji cara pikeun ngeceskeun atawa medar hiji masalah luyu jeung widangna
Ieu dihandap nu kaasup kana tujuan nulis artikel anu mernah nya eta
Eusina kudu bisa mangaruhan ka nu maca antukna nu maca daek nuturkeun kana tulisan eta artikel
Nu nulis artikel kidu ngagunakeun basa nu basajan tur gampil dipikarti ku nu maca togmol, asup akal tur efektif
Salaku wadah publikasi hasil mikir sacara ilmiah ngaliwatan jurnal ilmiah.
Karya tulis anu eusina hayang ngabuktikeun bebeneran ku cara mintonkeun fakta tur alesan anu mernah